SAGAGANG KEMBANG ROS BODAS (Kumpulan Sajak Kang "U" Kong)

 SAGAGANG KEMBANG ROS BODAS

Hiliwir angin peting

Niisan hate nu keur rungsing

Sora Jangkrik ngan ngagerik

Caricangkas ukur mupuas

           Gulidagna rasa katresna

          Ngan ukur bisa kedal na rasa

          Asih teh ngan ukur ngolembar

          Deudeuh teh bet jadi hambar

 Kuring sumegruk mudalkeun rasa

Nya didieu anjeun tetep renggenek

Disimbutan taneuh beureum

Dipapas tutunggul rasa.

           Jungjunan....

          Kamari urang balayar duduaan

          Meungkeut asih pasini anu saati

          Ngumbar rasa pinuh kabagja

 Jungjunan...

Geuning wanci geus lingsir ngulon

Cimata robah jadi sawangan

Sugan jaga urang tepang

           Sagagang Kembang Ros Bodas

          Tilam asih marengan rasa

          Mapaes rasa katresna

          Maturan anjeun salawasna


Ah....

Layung beureum tos ngahibaran

Ninggalkeun sagagan kembang harepan

Wawakil rasa, 

Marengan Salawasna

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Edufair SMPN 3 Cileunyi: Bantu Siswa Kelas 9 Tentukan Pilihan Masa Depan

Penutupan P5 di SMP Negeri 3 Cileunyi: Siswa Unjuk Karya dalam Kegiatan Kewirausahaan "My Handmade, My Money"

SMPN 3 Cileunyi Gelar Kegiatan Hari Peduli Sampah Nasional 2025 : Wujud Nyata Kepedulian terhadap Lingkungan